Lirik Lagu Silvi Risviani - Engkang

Lirik Engkang – Silvi Risviani

Engkang
Haté sok teu puguh rasa
Pami sono ka salira
Nu gandang tilam katresna

Engkang
Sanajan urang paanggang
Silih penteng kahariwang
Duriat teu weléh nganjang

Na amparan rasa ngagedur rasa kacinta
Nu moal rék cacat nepi ka ahir dunya
Na sagara cinta meungkeut pageuh dua rasa
Di dinya urang nyanding duaan salamina

Beurang na lamunan mun peuting dina impian
Teu weléh ngagoda ngahias amparan rasa
Nyanding dina dada mung aya hiji salira
Keur salamina

Beurang na lamunan mun peuting dina impian
Teu weléh ngagoda ngahias amparan rasa
Nyanding dina dada mung aya hiji salira
Keur salamina

NOTICE : Jika masih ada lirik yang kurang benar silahkan Anda hubungi admin melalui halaman contact atau langsung WA 085203781053