Lirik Lagu Abiel Jatnika - Udar

Jangji pasini anu bihari Pasang subaya anu tiheula Naha ayeuna asihna bet udar Kunaon jep aya naon

Saupami tetep teras kembang Jadi emutan ka diri akang Horeng salira atos teu suka Naha naon margina

Naha naon lepat diri ka salira Jadi kieu sok balaka supados kahartos Kamelang jadi hariwang Langlayeuseun teu puguh rasa

Horeng salira atos teu suka Mindah rasa milih rupa