Lirik Lagu Jangji Kamari - Nazmi Nadia Feat. Krishna Sagara

Tuh bulan saksina mawa beja Asih urang geuning di tungtung carita Bentang teu nyarengan ningalkeun hate nu melang Ukur ka anjeun diri neundeun hareupan

Duh mugi gusti kiatkeun diri Tali asih urang sing janten ngahiji Najan lobana gogoda tumiba ka diri Ukur anjeun nu jadi cinta sajati

Intro

Pupusna hareupan dedeuh cinta urang Firasat aya nu lian Anjeun mah sulaya pinuh sandiwara Boa anjeun pindah rasa

Kungsi matri jangji satia saati Mugia sing paheut deui Hate nu honcewang waas neteup bulan Estu ngantos anjeun mulang

Geulis sing percaya akang mah satia Tuh bulan bentang saksina Najan anggang raga kahalang sagara Mung anjeun nu di picinta

Jangji nu kamari teu kungsi kaganti Pageuh teu laas ku wanci Tebih dina soca mung cakeut di du′a Cinta urang salamina

Mana jangji akang nu baheula Mana sumpah engkang nu bihari Hanas abdi nganti siang wengi Horeng ngan ukur mere hareupan

Luhurna gunung moal matak jadi kabendung Lega sagara teu bisa megatkeun rasa Eta jangji akang sautuhna Tuh bulan saksina Tuh bentang saksina Sumpah jangji dugi ka ahir dunya

Tuh bulan saksina mawa beja Asih urang geuning di tungtung carita Bentang teu nyarengan ningalkeun hate nu melang Ukur ka anjeun diri neundeun hareupan

Duh mugi gusti kiatkeun diri Tali asih urang sing janten ngahiji Najan lobana gogoda tumiba ka diri Ukur anjeun nu jadi cinta sajati

Music

Credit: Judul : Jangji Kamari Artis : Nazmi Nadia X Krishna Sagara Cipt : Ricky Jr Arransement : Bm Entertainment Produksi : Bandung Music Official

Baca Juga: Lirik Lagu Ajeng Febria - Ibu Bilang Pakai Ini Dulu