__(Kabaya Beureum)__
Kabaya beureum Nujadi tilam kasono Tawis deudeuh timaneh na Potret anjeun Nujadi panglibur kalbu Kameumeut hate
Kabaya beureum Ngarendeng jeung potret anjeun Dieuteup teu kicep kicep Kembang asih Nujadi kembang kaprurih Bati nalangsa
Aduh kang mas Aduh aduh kang mas Cinta urang nusakitu layeut pisan Ahirna bet pepegatan
Aduh kang mas Aduh aduh kang mas Naon atuh kalepatan diri abdi Anjeun tega gaduh deui
__(Ayun Puntang)__
Ayun ambing lila bari nyaring Ayun ayun puntang lila bari hudang Si nyai mah kudu di ayun Si agus mah ayun ayunan Reup sare mah masing pereuman
Ayun ambing lila bari nyaring Ayun ayun puntang lila bari hudang Si nyai mah kudu di ayun Si agus mah ayun ayunan Reup sare mah masing pereuman
Lain lain lain lain daun awi Leunca bereum leunca bereum di taweuran Lain lain bagja diri Bagja deungeun di bageuran Bagja deungeun di bageuran
__(Gerong Deui)__
Gerong deui gerong deui gerong deui Hideung deui hideung deui hideung deui Gerong deui gerong deui Da puguh hayang di gerong
Wayang mana wayang mana wayang mana Nu kabawa nu kabawa nakamana Hoyong mana hoyong mana Hoyong anu pang bageur na
Lain lain lain lain daun awi Lancah beureum lancah beureum di taweuran Lain lain bagja diri Bagja deungeun di bageuran
Cai cai cai cai kopi kopi Peupeurih mh peupeurih di leueut moal Calik calik sareung abdi Peupeurih padeukeut moal