Lyric
Manteng Duriat - Devia
Sunda

Lirik Lagu Manteng Duriat - Devia

Panas nu keur mentrang
Dumadakan jadi angkeub
Rasa sono bogoh
Nu katutup mega hideung
Abdi nganti nganti kahayangna diri salira

Rasana ka melang
Nu nutupan cinta urang
Batin ceurik peurih nalangsa ka bina bina
Ah seueur pisan kahariwang
Hariwang teu bisa nyorang

Asih urang masketna hate
Linduh kadeudeuh
Tingtrim na ati
Duuhh engkang

Inggis ku bisi rempan ka keueung
Sok inggis janten mamala
Lain abdi nampik kanyaah engkang
Margi engkang lain ukur nyorangan

Da puguh duriat mah manteng
Kahayang marengan bae
Tapi dalah di kumaha
Da abdi teu bisa miboga

Music

Inggis ku bisi rempan ka keueung
Sok inggis janten mamala
Lain abdi nampik kanyaah engkang
Margi engkang lain ukur nyorangan

Da puguh duriat mah manteng
Kahayang marengan anjeun
Tapi dalah di kumaha
Da abdi teu bisa miboga

Tapi dalah di kumaha
Da abdi teu bisa miboga

Credit:
Judul : Manteng Duriat
Voc : Devia
Arr : Bah Ewon
Prod : Bandung Music Official

Best Author Team: Putri Lestari, Ajeng Sabrina, Yeni Febria, Citra Putri, Kanchi Salsabella, Putri Salju, Princes Violetha, Jihan Anggraini, Budiyanto, Budi Mahendra, all pseudonym from pariaman minangkabau sumatra barat.