Na impian anjeun datang
Mawa harepan kembang lamunan
Nu geus lami dianti anti
Mawa harepan urang ngahiji
Mung salira teu aya deui
Kembangna ati seungit malati
Kembang kahéman datang némbongan
Urang bakal nyorang kabagjaaan
Salira kembang malati
Nu mekar di taman ati
Anu moal aya deui
Cinta sajati
Mugia sing saterasna
Ngahiji di alam cinta
Simbutna kembang katresna
Salamina