Lirik Lagu Surat Ondangan - Silvi Risviani

Na mangsa hujan girimis
Tanggal tilu poe kemis
Nu datang surat ondangan
Geuning anjeun rek rendengan

Seungitna kembang malati
Teu saseungit nu kamari
Na mangsa patali jangji
Urang maheutkeun pasini

Kiwari tinggal lamunan
Katresna urang duaan
Ukur dina pangimpian
Kagambar keur rerendengan

Naha ku tega salira
Megatkeun tali katresna
Bari jeung naon lepatna
Lepat abdi ka salira

Bulan bulan tulungan
Ieu hate keur nyorangan
Ka dieu kuring baturan
Bisi kajurung lamunan

Bulan bulan dagoan
Urang nyawang babarengan
Sugan bae kaubaran
Meh teu pondok panghareupan

LIRIK SELANJUTNYA BIAR DITULIS OLEH BUDI MAHENDRA

Credit:
Judul : Surat Ondangan
Voc : Silvi Risviani
Cipt : Yana Kermit
Arr : Tony Abah
Prod : Bandung Music Official

Related Songs